Tali rarabi - Tembang sunda Cianjuran

Ulah rèk pègat tali rarabi

Tètèp Meungkeut Pageuh
Ulah rèk pegat rasa kaheman
nyancang katresna urang dua’an


Ulah rèk pegat, ulah rèk sapat
Janji sa’ati mupusti pasini
Pasang subaya

Tèteup Nganteub dina qolbu


Langgeng Katineung dina jajantung

mugia kasorang seja tinek kanan
kacinta urang kanyaah urang nu dua’an
nyanding katintrim nyandang kaheman


Estu satuhu lana satia salawasna
duriat anu marengan
Kanya’ah anu  karandapan

Tebih Balayi jauh kaceuceub


Anggang kamelang kango salawasna
hareupan urang, udagan urang
Bagja sasarengan  satuhu salamina
Geusan ngajagi tatalirabi